Sabtu, 06 Juni 2020

Pantun Terimakasih Guruku

Pantun
Terimakasih Guruku

By : Triadi
Awan putih dengan langit biru

Sungguh indah menawan hati

Terima kasih bapak ibu guru

Telah berbagi ilmu pada kami

1 komentar:

  1. TUJUAN HIRUP URANG

    Anaking, jig gera indit, bral gera miang!
    Gera sungsi harti, harta hirup nu utama
    Cruk-cruk nepi ka galeuh-galeuhna
    Imeut nepi ka bubuk leutikna
    Supaya hidep nepi kana tujuan

    Omat, anaking! Kadé, salah ngudag tujuan!
    Tujuan téh lain harta, tahta, jeung wanita.
    Ieu Bapa arék pesen
    Bandungan sing saregep!
    Asupkeun kana sanubari nu pangjerona!
    Buktikeun ieu pesen Bapa!
    Nu dumasar kana Quran reujeung Sunnah.

    GUSTI ALLAH PANGÉRAN URANG;
    RIDHA ALLAH TUJUAN HIRUP URANG;
    ‘IBADAH KA ALLAH TUGAS HIRUP URANG;
    Al-QURAN JEUNG SUNNAH PANDUAN URANG;
    RASULULLAH MUHAMMAD TULADAN URANG;
    DIINUL ISLAM WADAH HIRUP URANG;

    Bral, gera medal Anaking!
    Leupas tina asuhan Bapa!
    Kaluar tina ayunan Ema!
    Geusan ngambah dunya nu leuwih lega!
    Tambah deui luang!
    Sungsi deui pangarti!
    Wujudkeun impian, kahayang jeung cita-cita!

    BalasHapus